Selasa, 11 September 2007

SITUASI PAMACA KANA NOVEL NGAWADALKEUN NYAWA


SITUASI PAMACA KANA NOVEL NGAWADALKEUN NYAWA

Karya Mohammad Ambri

Kenging : Rahmat Arifin

A. SINOPSIS NGAWADALKEUN NYAWA

Aya saurang wanoja nu mikacinta hiji lalaki. Si wanoja ieu teu wani wakca balaka ka nu jadi bapana, nya eta nu jadi ajengan di daerah Demak. Ku lantaran si Lalaki eta keur nandangan doraka anu kacida beuratna, nya eta meunang supata ti ki Panghulu. Sagala elmu anu dipimilikna leungitna dadaksakala.

Nya tina hal ieu, dina diri si wanoja, timbul rasa simpati jeung empatina ka eta si Jajaka. Sanggeus maranehna ngadahup, si Wanoja nepi ka luluasan nandonkeun nyawana sorangan, pikeun lalaki anu dipikacintana teu tulus maot. Sanggeus supata nu nimban salakina leungit, maranehna hirup bagja. Malah salakina nu ngaran Walia jadi Ulama anu kamashur.

B. SITUASI PAMACA KANA NOVEL NGWADALKEUN NYAWA

Manahoreng nu ngaranna rasa resep teh geuning gaib. Teu katenjo tapi karasa ayana jeroeun dada. Teuing ti iraha nyiliwurina, ujug-ujug geus ngancik na ati. Dina ati ge teuing lebah manana, da puguh gaib tea. Manahoreng rasa resep teh upama diipuk jeung digemuk mah kumaha we tutuwuhan, akar-akaran, sisirungan, dadaunan, kekembangan, bubuahan barijil sorangan.

Sabenerna mindeng ngalaman mikaresep kana hiji objek teh. Tara ieuh dipikiran sabab musababna, da atuh lumrah nu kitu mah. Manusiawi cenah geuning. Naha ari ayeuna, eta rasa teh mangaruhan pisan kana pipikiran. Make jeung uleng deuih mikiran ti mana jeung ti iraha eta rasa euntreup na lolongkrang hate kuring .

Tapi naha salah upama kuring resep ka hasil karyana? mana kitu ge manehna teh loba daya tarikna. Ti mimiti teknik jeung gaya nulisna anu boga ciri mandiri, ebreh dina karyana hususna dina novel Ngawadalkeun Nyawa. Umumna sakur pamaca maneuh karya sastra anu geus apal kana gaya nulis unggal pangarang, samemeh maca hiji karya sastra teh, anu pangheulana dititenan nya eta saha pangarangna. Nurutkeun pangalaman, karya pangarang moyan mah sok nyugemakeun pamaca, sanajan henteu mutlak kitu. Anu dilakukeun ku sim kuring ge nya kitu pisan, basa mimiti maca novel nu judulna Ngawadalkeun Nyawa meunang Moh. Ambri. Ieu tulisan, oge lain rek masualkeun kualitasna., tapi nu perlu digurat handap dina karya anu mibanda ajen sastra mah nya eta unsur kajujuran jeung kaiklasan nu nulisna. Dina proses nyiptana ulah kawas nyieun karajinan tangan bae, ceuk Ajip Rosidi tea mah. Geus nyaho saha nu ngarangna mah deker bae dihanca, sabab geus apal kumaha ni’matna maca tulisan Moh. Ambri. Geus pasti urang bakal diajak mikiran kahirupan atawa pamaca diajak leuwih empati. Mun teu kitu, urang dibawa nganjang ka nagara anu kungsi ka alaman ku si Jajaka jeung anu dipikacintana dina alur runtuyan carita eta.

Ngeunaan ajen novel eta, geus teu kudu dipadungdengkeun deui. Moal tepi ka mindeng nyabet hadiah sastra upama diri pangarangna henteu mibanda sikep daria icikibung dina dunya sastra. anu meh taya bedana. Sabada maca kana hasil karya sastra meunang Mohamad Ambri karasa pisan meunang mangaruhan kana pikiran wirehna eta karya sastra pikeun ngingeutkeun kana nu macana dina kahirupan sapopoe.

Carita dina novel eta ngamangpaatkeun alam gaib. Tradisi jeung adat tali-paranti masarakat Sunda jaman beh ditu, diungkab deui dina racikan lalakon. Ka dituna, aya nu mempar kana kapercayaan sabagean alur carita kana hal-hal anu ngajurus kana alam supranatural.

Dina kamekaranana, novel Sunda kungsi jadi kacapangan masarakat pilemburan. Malah bangun anu hanjelu, lamun henteu maca teh. Teu beda jeung ngahanca sinetron atawa telenovela. Bisa jadi, tina ngadengekeun oge bisa kitu, kabeungharan basa Sunda hususna pikeun barudak jadi nambahan. Lain saukur ngabandungan lalakon nu matak pogot. Leuwihna ti kitu, aya atikan moral anu deukeut jeung budaya Sunda. Sabab dina seuhseuhanana mah, carita novel oge mere ajen-inajen kamanusaan, tina perkara salah jeung bener.

Novel Sunda oge bisa dimangpaatkeun pikeun media atikan. Da apan dina enas-enasna mah, pangarang ngajak kana bebeneran, tumut tuhu kana papagon anu teu patunggang tonggong jeung ajaran agama (Islam). Atuh pikeun pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna, kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge, novel judulna Ngawadalkeun Nyawa teh milu ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah, “eksistensina” jarang pisan diadu-renyomkeun.

Tidak ada komentar: