Selasa, 11 September 2007

SITUASI PAMACA DINA NOVEL GALURING GENDING

SITUASI PAMACA DINA NOVEL GALURING GENDING

KARYA TATANG SUMARSONO

A. Sinopsis Novel Galuring Gending

Dina Galuring Gending karya Tatang Sumarsono anu kandelna teh 336 halaman. Diterbitkeun ku PT Kiblat Buku Utama. Ditilik tina segi cover novel galuring gending aya wanoja anu keur ngibing ngajentrekeun eta teh mere ilustrasi wirehna eusi anu aya dina novel galuring gending teh ngeunaan hiji wanoja anu miboga karancagean dina seni ibing tur mere gambaran nu diangkat tina kahirupan aktual. Dina segi eusi ngagunakeun basa sunda anu matak ngeunah pikeun anu macana. Anapon Sinopsis Novel galuring Gending nayeta:

Panji teh jalma anu asalna ti lembur, nyuprih elmu di kota Bandung. Ti barang lahir Panji geus cicing jeung indung terena. Bapana Panji teh saurang pangsiunan tentara anu satuluyna jeneng jadi Kuwu salila dua entragan. Kulawarga Panji rnangrupa kulawarga gede anu asalna ti sababaraha bibit. Lanceukna nya eta Ceu Cacih, Kang Parman, Ceu Idah, jeung Kang Obing putra ti Mimih sarta Kang Girang jeung Ceu Nunung Putra ti nu lian. Sedengkeun Panji, budak bungsu anu indungna matuh di peuntas.

Sarah, wanoja kota turunan anak menak, ti leuleutik geus diajar ngibing nepi ka asup sanggar sagala. Nya tina ieu dunya Sarah meunangkeun kasenangan dunya. Hiji poe kasenangan dunya ieu teh kudu ditebus ku harga anu pangmahalna.pikeun hiji wanoja. Um Sar, guruna di sanggar, geus ngaruksak harga dirina. Ti dieu Sarah mimiti wanoh kana dunya lalaki jeung materi. Satuluyna Sarah reureujeungan jeung salasaurang pajabat di hiji instansi penting di nagri ieu. Kahirupan Sarah sarwa cukup jeung sarwa genah, nepi ka hiji waktu aya anu ngendag-ngendag kana kabagjaan anu

dirasakeun ku Sarah.

Hiji peuting Sarah diparengkeun panggih jeung Panji dina kaayaan mabok. Satuluyna Sarah dibawa ka kontrakan Panji. Nya ti dieu duanana mimiti raket. Panji hiji aktivis proreformasi anu teu panuju kana pamarentahan Ordeu Baru. Nya pamadeganana ieu anu nganteurkeun manehna kana pangberokan. Di tahan Panji nepikeun kahayangna pikeun ngawin Sarah, tapi Sarah can bisa mere respon kana ieu pangajak. Sanggeus Panji kaluar ti tahanan, manehna kudu nungguan Sarah di rumah sakit, tapi angger pangajak Panji tacan meunang jawaban. Nepi ka ahirna Panji leungit tanpa raratan samulangna nungguan Sarah di rumah sakit.

B. Situasi Pamaca Dina Novel Galuring Gending

Manahoreng nu ngaranna rasa resep teh geuning gaib. Teu katenjo tapi karasa ayana jeroeun dada. Teuing ti iraha nyiliwurina, ujug-ujug geus ngancik na ati. Dina ati ge teuing lebah manana, da puguh gaib tea. Manahoreng rasa resep teh upama diipuk jeung digemuk mah kumaha we tutuwuhan, akar-akaran, sisirungan, dadaunan, kekembangan, bubuahan barijil sorangan.

Sabenerna mindeng ngalaman mikaresep kana hiji objek teh. Tara ieuh dipikiran sabab musababna, da atuh lumrah nu kitu mah. Manusiawi cenah geuning. Naha ari ayeuna, eta rasa teh mangaruhan pisan kana pipikiran. Make jeung uleng deuih mikiran ti mana jeung ti iraha eta rasa euntreup na lolongkrang hate kuring .

Tapi naha salah upama kuring resep ka hasil karyana? mana kitu ge manehna teh loba daya tarikna. Ti mimiti teknik jeung gaya nulisna anu boga ciri mandiri, ebreh dina karyana hususna dina novel Galuring Gending . Umumna sakur pamaca maneuh karya sastra anu geus apal kana gaya nulis unggal pangarang, samemeh maca hiji karya sastra teh, anu pangheulana dititenan nya eta saha pangarangna. Nurutkeun pangalaman, karya pangarang moyan mah sok nyugemakeun pamaca, sanajan henteu mutlak kitu. Anu dilakukeun ku sim kuring ge nya kitu pisan, basa mimiti maca novel nu judulna Galuring Gending meunang Tatang Sumarsono Ieu tulisan, oge lain rek masualkeun kualitasna., tapi nu perlu digurat handap dina karya anu mibanda ajen sastra mah nya eta unsur kajujuran jeung kaiklasan nu nulisna. Dina proses nyiptana ulah kawas nyieun karajinan tangan bae, ceuk Ajip Rosidi tea mah. Geus nyaho saha nu ngarangna mah deker bae dihanca, sabab geus apal kumaha ni’matna maca tulisan Tatang Sumarsono. Geus pasti urang bakal diajak mikiran kahirupan atawa pamaca diajak leuwih ngarti tur anclub kana alur runtuyan carita eta.

Pikeun leuwih jentre naon bae anu karasa dina situasi pamaca kana Novel Galuring Gending bisa dipaluruh kana sabagian unsur-unsur karyana nya eta :

1. Situasi Pamaca KanaTokoh Panji

Tokoh Mangrupa hiji palaku dina alur runtuyan hiji carita. Tokoh Panji mangrupa tokoh sentral dina carita, ditilik tina kuantitasna jeung kualitasna dina runtuyan carita. Panji ngabogaan ngaran Panji Sumirat anu bisa katiten tina cutatan ieu di handap.

Dina jilid buku nu ngagoler luhureun meja aya tulisan: Panji Sumirat, SIP. Naon ari anu dimaksud SIP teh ? Jigana mah gelar sabab aya poto anjeun keur diwisuda. (kaca 144 )

Bapa Panji teh tentara anu geus ngalaman sababaraha kajadian anu tumiba dina Nagara mangsa harita. Ti barang lahir Panji geus dirorok ku indung terena anu biasa digeroan Mimih ku manehna. Di imana, Panji mangrupa budak bungsu. Bapa anu bisa digeroan Apa ku Panji boga anak tilu bibit Nya Indung Panji anu pangpandeurina. Panji didik ku Bapana sacara keras ku bapana anu sakumaha yen Panji diajar sangkan bisa miboga rasa tanggung jawab kana dirina.

Kahirupan Panji loba dibeakeun di pilemburan, ku kituna Panji mangrupa dedeg anu kaitung basajan najan henteu bisa disebut kurang. Ieu gambaran kahirupan Panji teh katiten tina cutatan ieu di handap.

Lumayan rada jauh lembur peuntas teh, da perenahna ampir di wates desa.

( kaca 101)

Sanajan Panji teh urang lembur manyang-munyung tapi kahayang pikeun ngabogaan elmu pangaweruh, luhur pisan. Jadi satamatna SMA, Panji neruskeun ka paguron luhur di Bandunng nepi ka meunang gelar sarjana. Sabada lulus ti paguraon luhur Panji can meunang pagawean anu antukna Panji sok tulas tulis ngeunaan naon bae anu kapanggih jeung gagasan anu aya dina sabudeureun kahirupan. Salain ti nulis ti mimiti kuliah Panji ngabogaan kasibukan sejen disababaraha organisasi najan organisasi anu diiluan ku manehna teh jauh tina naon anu ditulisna dina media citak. Kusabab manehna aktivis kungsi manehna ditewak ku pulisi saba dianggap ngarongrong kana kadaluatan nagara.

Naha pangna tepi ka ditahan, pikeun manehna mah teu matak kaget. Enya kapan bieu ge geus disebutkeun, sual eta mah geus kaasup kana itungan manehna. Teu ngarasa diteungteuingeun, jajauheun mun digebruskeun ku batur. Ieu mah resiko sorangan anu miboga teu kapanujuan kana pamadegan anu teu sajalan kana konstitusi. (kaca 245 )

Nepi ka hiji poe, Panji leungit tanpa raratan.

Panji ari anjeun aya di mana ? ( kaca 334 )

Dina tokoh Panji teh hiji jalma anu soson- soson anu nyuprih kahayang pikeun ngahontal kana tujuan, sok sanajan naon wae akibatna tumiba ka manehna.

2. Situasi Pamaca KanaTokoh Sarah

Sarah tokoh wanoja anu dina carita jadi pameungkeut hate Panji, mangrupa gambaran wanoja anu lahir jeung gede di kota Bandung. Ti leuletik Sarah hirupna di kota. Sarah ani ngabogaan ngaran lengkep Sarah Wulandarikusumah geus diajar ngibing ku Bapana anu turunan menak. Diantara lima dulur nya ukur Sarah anu miboga bakat ngibing mah.

Sanajan turunan menak, henteu ngajadikeun Sarah ngarasa agul. Kalah sabalikna, Sarah ngarasa yen kamenakan geus ngaraheutan lengkah dina sagala hal. Nalika Sarah nincak dina bangku kelas opat SD, manehna mimiti unggah panggung ngibing satuluyna asup Sarah asup ka anggar anu dipingpin ku Um Sarino, babaturan bapana. Ti harita Sarah anu can nincak umur salikur mimiti caang bentangna, komo sanggeus Um Sar dipromosikeun jabatanana. Kajongjonan manggung, sakola Sarah katinggaleun, statusna SMA, Sarah teu kaburu nerusnkeun ka paguron luhur. Tungtungna panggunng mangrupa dunya anu dipilih ku sarah, dunya anu geus bisa ngahirup-hirupkeun kulawargana.

Nepi kahiji waktu Sarah ngaleupaskeun hal anu kacida pentingan pikeun wanoja pikeun nebus sagala kasohoranana, anu nurutkeun manehna mangrupa konsekwensi tina gumebyarna kahirupan panggung.

Kitu anu karandapan ku kuring Sarah tea. Mayungna ngaran dina akhirna kudu nyumponan kana pangabutuh Um Sar. Enya nyumponan kayahang anu jadi lalaki, anu saenyana geus diteundeun dina tempat istimewa minangka gaganti bapana. ( kaca 78 )

Ti semet harita Sarah anclub kana dunya anu jauh tina papagon agama anu patunggang tonggong jeung agama nepi ka manehna panggih jeung lalaki anu satuluyna ngarojong kana kahirupan ekonomi kulawargana.

Dina tokoh Sarah teh hiji gambaran wirehna sagala rupa rengkah palipolah anu teu dibarengan ku tata aturan agama bakal mengpar tur ahirna bakal nyangsarakeun kana dirina jeung kulawargana.

3. Situasi Pamaca Kana Pangarang

Dina Galuring Gending karya Tatang Sumarsono, katangen yen pangarang ieu novel teh ancrub kana kahirupan. Gagasan anu diangkat tina kahirupan aktual teh diolah ku parabot novel, terus disusun dina hiji pidangan novel anu karasa nyari. Katangen aya studi antropologis jeung psikologis anu dilakukeun ku pangarang.

Tatang Sumarsono, ngaran aslina ti saprak lahir, Tatang Sumarsono biasana sok digeroan Endang ku nu jadi kolotna. nenehna eta teh. ti leuletik matuh jeung akina sabab indung jeung bapana pepegatan basa manehna mimiti deukeut jeung Ua ti pihak indung. Akina ti pihak asalna ti pekalongan, jawa tengah. Nya akina anu mere ngaran Sumarsono teh. nincak bangku SD mimti timbul kahayang pikeun nambahan ngaran saeutik, jadi Tatang Sumarsono, tanpa ngabogaan maksud anu tangtu.

Tatang ka asup jalma anu aktif dina sagala widang, ti mimiti SMA, Tatang geus aktif dina organisasi Pelajar Islam Indonesia (PII) dina taun 70-an., malah kungsi jadi pangurus di wilayah Jawa Barat. Di PWI oge Tatang Sumarsono salaku anggota. Salian ti eta oge Tatang Sumarsono oge kungsi jadi anggota KKI jeung PI sanajan teu junun. Disababaraha perguruan pencak silat Tatang jadi anggota kehormatan, diantarana wae di Mande Raga jeung di Layang Sunda.

Mangsa jadi mahasiswa, Tatang kungsi jadi aktifis kampus. Nya eta di senat ti mimiti tingkat I salaku sekretaris anu satuluyna di black list- ku pangawasa sabab aktifisna dina gerakan kamahasiswaan taun 1977/1978 anu mangpang kana pamarentahan rezim ordeu baru. Tatang Sumarsono tungtungna milih kagiatan ngarang salaku jalan kahirupan.

C. Kacindekan

Sabada maca kana hasil karya sastra meunang Tatang Sumarsono karasa pisan meunang mangaruhan kana pikiran wirehna eta karya sastra pikeun ngingeutkeun kana nu macana dina kahirupan sapopoe. Ngeunaan ajen novel eta, geus teu kudu dipadungdengkeun deui. Moal tepi ka mindeng nyabet hadiah sastra upama diri pangarangna henteu mibanda sikep daria icikibung dina dunya sastra. anu meh taya bedana.

Dina kamekaranana, novel Sunda kungsi jadi kacapangan masarakat pilemburan. Malah bangun anu hanjelu, lamun henteu maca teh. Teu beda jeung ngahanca sinetron atawa telenovela. Bisa jadi, tina ngadengekeun oge bisa kitu, kabeungharan basa Sunda hususna pikeun barudak jadi nambahan. Lain saukur ngabandungan lalakon nu matak pogot. Leuwihna ti kitu, aya atikan moral anu deukeut jeung budaya Sunda. Sabab dina seuhseuhanana mah, carita novel oge mere ajen-inajen kamanusaan, tina perkara salah jeung bener.

Novel Sunda oge bisa dimangpaatkeun pikeun media atikan. Da apan dina enas-enasna mah, pangarang ngajak kana bebeneran, tumut tuhu kana papagon anu teu patunggang tonggong jeung ajaran agama (Islam). Atuh pikeun pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna, kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge, novel judulna Galuring Gending teh milu ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah, “eksistensina” jarang pisan diadu-renyomkeun.

Tidak ada komentar: