Selasa, 11 September 2007

MA'NA TEKNOLOGI

MA'NA TEKNOLOGI ALAT TINUN TRADISIONAL DINA SAWANGAN HIRUP URANG SUNDA

A. Pamuka

Kamekaran dina widang teknologi mangrupa hiji cara pikeun ngungkulan dina sagala widang. Ku ayana teknologi bisa ngungkulan dina sagala rupa anu dipikahayangna. Dina ngadugikeun sagala hal naon bae pikeun masyarakat, kamekaran teknologi mangaruhan pisan sangkan mudah tur praktis tepi ka tujuanna.

Sigana aya hal anu peryogi dina ngokolakeun teknologi sangkan bisa ngigelan jeung ngigelkeun jaman. Anu kahiji, hal ngaawaskeun prak-prakanana aturan (low enforcement), anu kadua, aturan anu ulah katinggaleun ku kamekaran teknologi; katilu, poma kudu ngaitkeun sareng pangaweruh jeung adat istiadat lokal (nilai-nilai lokal). Sabab dina kamekaran teknologi jembar pisan, dina makalah ngeunaan teknologi diwatesan nyoko kana Ma'na Teknologi Alat Tinun Tradisional Dina Sawangan Hirup urang Sunda.

B. Ma'na Alat Tinun Tradisional Dina Sawangan Hirup urang Sunda

Dina "Ilmu Kasajatian" para sesepuh Sunda aya istilah "ULAH INGKAH TINA KURUNGNA KURING" atawa "SAPANJANG NEANGAN KIDUL KALER DEUI - KALER DEUI". singgetna yen sagala hal nu aya di luareun diri bakal dibere hartina jeung dimaknaan salaku acuan sawangan hirup, jadi mere mangpaat anu ngabogaaan tujuan anu sifatna lahir atawa batin ieu mangrupa salah sahiji tanda " kearifan" tradisional (Indigenous Wisdom)..

Dina enas-enasna mah loba pisan ritual kabudayaan anu bere ma'na husus pikeun dijadiekun sarana dina maluruh arah pamikiran urang sunda. Dina ngalakonan pikeun hirup ngumbara di alam dunya " meniti " RAWAYAN JATI (Shirath, Perennial, Brahman, Tao, Sangkan Paraning Dumadhi, Al Hikmah al-Muta'aliyah, Jawidan Khirad).

Sababaraha kaulinan atawa kagiatan anu ngandung ma'na salaku sarana swangan hirup urang sunda diantarana bisa dikaji ngaliwatan " NINUN (nenun tradisional), LANGLAYANGAN, PAPANAHAN, NGUSEUP GONDANG, NGAHUMA, NYADAP KAWUNG, MANDAY.

Kamajuan jaman dina mangsa kiwari anu sarat ma'na ieu, dina era industrialisasi geus tilem ku gumuruh na sora mesin jeung kasibukan manusa hedonishis. Pakaitna dunya luar jeung dunya jeroeunna renggang. kaparigelan dina nimbulkeun rasa empati ka alam anu matak mangaruhan kana kamekaran peradaban manusa. Ayeuna manusa geus jadi makhluk nu individu jeung "teralierasi " ti habitat sakurilingna.

Di handap ieu dipedar sababaraha pakakas anu biasa digunakeun pikeun ninun atawa sagala hal au aya pakaitna jeung ninun. Ma'na anu aya dina jerona ngabogaan sumber sababraha informan R Oesman Sadli Sumadisastra anu nalungtik elmu kasundaan (wafat dina taun 1961), Aki Wira (Alm) salasahiji sesepuh di Majalaya (sentra Industri tinun), Bapa Djajasoepena, (alm) anggota awak-awak galih pakuan. Anapon ngeunaan anu aya palasifah jeung makna teknologi alat tinun tradisional anu miboga kabudayaan kana pangaruh kamekeran peradaban manusa urang sunda nyaeta:

1. Asiwung: kapas, bahan pikeun nyieun kanteh. Makna anu nyangkaruk wirehna esensi diri manusa asal muasalna tina dzat anu beresih suci. nalika kapas beres ditinun anu dijeun jadi salembar bo'eh( kain kapan ), penanda kembali lagi ke "kesucian". kapas anu digunakeun pikeun jalma anu maot disebut juga asiwung. Dina idiomatik Sunda " Congo nyurup dina puhu. Ti suci mulih ka suci. Mulih ka jati mulang ka Asal."

2. Barera : sapotong kai anu dijadikeun alat tinun pikeun ngarapetkun bola sangkan bola eta teh jadi kaen tinun anu rapet. Makna anu aya dina Barera nyaeta kamampuh pikeun ngalakukeun taubat sangkan dihampura kana sagala kalepatan anu geus dilakonan. Idiomatika dina basa sunda sok disebut " Mupus tapak".

3. Caor : sapatong papan anu di tendeun sacara horisontal, salaku senderan panggung penenun anu digunakeun pikeun narik kaen tinunan sangkan manteng eta boal kaen teh. Maknana salaku syariat hirup tempat nyalindung, kana kabiasaan rengkah paripolah dina sapopoe anu hade. Idiomatika dina basa sunda" Sarigig kudu kaciri, sarengkak kudu katara".

4. Dadampar : potongan papan anu digunakeun pikeun tempat diuk tukang tinun. Makna salaku keteguhan Iman ka Gusti anu Maha suci. Idiomatika basa sunda " Henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan.

5. Galegar : Sapotong papan/kai, gunana pikeun nguatkeun alat tinun. makna salaku kateguhan hate. Idiomatika dina basa sunda " Sangreud pageuh, sagolek pangkek".

6. Gedogan : sapotong kai atawa papan anu gunana piken nahan dina proses nenun. Maknana wirehna jasad manusa kudu sautuhna. Dina babasan basa sunda " Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal".

7. Hapit : papan/kai pikeun ngagulung kaen hasil tina tinun. Makna wirehna manusa kudu ngalaksanakeun amal ibadah dina kumelendang di alam dunya. Amal anu hade hasilna oge hade, pagawean anu henteu luyu jeung papagon tangtu meunang balukarna. Babasan dina basa sunda " Melak cabe moal jadi bonteng, melak hade moal jadi goreng".

8. Jingjingan : bagean tina gedogan, tempat menambatkan lusi. Maknana kamampu pikeun berkontemplasi, tafakur kana kakawasaan Alloh SWT. Idiomatika dina basa sunda " Maca Ugana Waruga, nyaliksik diri pribadi, nyasaran lampah sorangan".

9. Kanteh : bola benang anu dipake nenun, biasana nenun asalna tina sari kapas. Maknana asal muasalna manusa digubarkeun ka alam dunya dugi mulih ka jati mulang ka alam padang poe panjang.Idiomatika sunda " Ti wiwit mula ngajadi, Lumenting ti silihwangi lumentang ka pajajaran. Moal aya dina dahan mun taya catang, moal aya catang mun taya tunggul".

10. Kincir (palet) : alat pikeun mintal benang kanteh. dimaknai sabge kagiatan anu ngamamfaatkeun waktu anu maneh. Maknana sabage kamampu pikeun ngagunkeun akal pikir anu wijaksana. Dina Basa sunda " Kudu asak jeujeuhan matang tinimbangan".

11. Lusi : benang kanteh anu nganteng tina arah suku ka arah tempat tinunan. Makna sabage gurata nasib anu geus ditulis tina alam azali. idiomatika basa Sunda " Titis tulis ti ajali, kadar awak tikudratna".

12. Pakan : benang kanteh anu nganteng tina arah kenca ka arah kiwa penenun. Maknana kagiatan amal ibadah anu dilakonan salila kumelendang di alam dunya teh kudu proaktif. Dina Basa Sunda " Gawe rancage" atawa SONAGAR ( soson-soson nangkes gawe rancage).

13. Pihane : alat pikeun mereskeun benang kanteh. Maknana pikeun ngajaga diri. Idiomatika basa Sunda " Sarigig kudu jeung harti, sarengkak kudu waspada".

14. Raraga : wangun tinunan anu sapuratina. Maknana sabage jagat raya. Idiomatika basa Sunda " Sagebarna buana panca tengah".

15. Rorogan : sapotong kai alat pikeun nahan berera. anu tempatna beulah kenca tinunan. Maknana sabage naha cocoba ku kasabaran nalika nyanghareupan gogoda. Dina basa Sunda " Asak tinggur,kaut tepa".

16. Seungkeur : Sapotong papan / kai pikeun nagtukeun ukuran lebar kaen anu ditinun. Makna sebage kamampu dina etika,anu henteu kaleuleuwihan. Dina babasan Sunda " Tata titi duduga prayoga, nasiti tur ati-ati".

17. Suri : alat anu wangunna teh ngaharib-harib pameres (sisir) anu gunana pikeun mereskeun benang pakan jeung benang lusi. Maknana teh kudu ati-ati dina mikir, nyarita jeung paripolahna. Idiomatika dina basa Sunda " Nyaur kudu diukur -ukur, nyabda kudu diugang-ugang".

18. Tali caor : tali anu dikaitkeun kana bilah caor jeung kaen anu ditinun dibelah katuhu jeung kenca penenun. Maknana yen dina kahirupan teu meunang karep sorongan, kudu nyoko kana norma-norma kahirupan anu geus ditangtukeun. Idiomatika basa sunda " Ulah tunggul dirarud catang dirumpak".

19. Tameuh : beubeur tameh, sahelai kaen anu ditinun tina sesa-sesa benang kanteh anu di piceun. dugunakeun sabage simbol alat pakait jodo di dua kulawarga. Maknana sabage kamampu pikeun nangtukeun pola hirup hemat jeung mampu nyambungkeun silaturahmi jeung nu lian. Idiomatika basa sunda " Bisa ngeureut bisa nendeun ".

20. Toropong : sapotong awi tamiang, tempat pikeun ngasupkeun benang kanteh (pakan). Kamampu pikeun oto kritik ngoreksi diri sorangan jeung mampu pikeun mere prediksi kana kahirupan anu geus kasorang. Dina basa sunda " Nyaliksisk diri ngotektak awak, ngenteungan badan sakujur".

21. Tunjangan, titihan, totojer : sapotong kai tempat alat tinun. maknana sabage pancegna i'tikad. Idiomatika basa sunda " teguh tangtungan, panceg pamadegan, henteu owah gingsir, henteu galider bengbatan".

22. Tudingan (tutuding ) sapotong kai/awi pikeun alat ngaitkeun, nyokot jeung ngomekeun naon bae anu jauh tina tina penenun. Maknana yen elmu pangaweruh anu bisa mampu mere solusi tina pasulan-pasualan nu nyampak. Idiomatika basa Sunda " Luhung elmu jembar panalar, henteu heureut ku sateukteuk, henteu pugag ku salengkah.

Alat-lat tinun tradisional numutkeun sawangan hirup urang sunda anu dipedar tadi teh sakabeh eta miboga benda-benda anu sakral, anu teu meunang dilengkahan. Lamun ngabandingkeun tina upacara Nincak Endog, nalika nikahkeun ku upacara adat sunda somodel barera ( alat tinun anu disakralkeun) sok dilengkahan atawa ditincak, hal ieu makna teh lamun geus jadi " Tali rarabi " kasucian jeung kahormatan awewe anu tadina dijaga, geus jadi " halal/muhrim " pikeun salakina.

C. Panutup

Bisa dicindeukeun yén ngeunaan dina ngagunakeun teknologi mangrupa gerakan pikeun ngungkulan pasualan-pasualan anu tumiba ka lingkungan jeung masyarakatna. Ku ayana tilu hal anu peryogi dina ngokolakeun teknologi sangkan bisa ngigelan jeung ngigelkeun jaman. Anu kahiji, hal ngaawaskeun prak-prakanana aturan (low enforcement),. anu kadua, aturan anu ulah katinggaleun ku kamekaran teknologi; katilu, poma kudu ngaitkeun sareng pangaweruh jeung adat istiadat lokal (nilai-nilai lokal)

Tilu hal eta téh lumaku keur sakumna widang kamasarakatan. Nu jadi poko dina ieu gerakan téh nya éta masarakat sunda ngabiasakeun ngamamfaatkeun teknologi. Ieu hal maksudna, nya éta urang sunda bisa nyumponan harepan jeung udagan, anu bisa ngungkulan éta pasualan.

Tidak ada komentar: