Selasa, 11 September 2007

KALANGENAN

Manusa Salaku Mandat Kultural Lingkunganana

Kahirupan manusa moal leupas tina alam sabudeureunana. manusa miboga akal pikeun ngabedakeun jeung mahkluk nu lianna. Ku ayana budi akal manusa matak ngahudangkeun kana kamekaran sosiokultural pikeun mulasara jeung ngolah kana lingkungan alam sabudeureunna ( Sastrosupeno, 1984 ). Ku ayana sosiobudaya kultural bisa mekarkeun kana sistem pakasaban, teknologi jeung kana sistem kagiatan-kagiatan anu sifatna ritualistik. Negara Indonesia mangrupa hiji nagara anu euyeb tina sasatoan, tapi dina mangsa kiwari kaaayan ngeunaaan sasatoan nu aya di Indonesia geus hariwang tina hirup kumbuhna eta sasatoan di alam sabudeureunna. Dina kaayaan samodel kitu pamarentah geus ngaluarkeun kawijakan ngeunaaan pikeun ngamumule jeung miara sato anu geus langka aya hirupna. Aya sababaraha faktor anu mangaruhan kana langkana hirup sasatoan nya eta :

· ayana gerakan anu sifatna ekonomis anu miboga tujuan pikeun neangan kauntungan dina nyumponan pangabutuh materialna.

· ayana gerakan anu sifatna psikologis anu miboga tujuan pikeun neangan kauntungan nyumponan pangabutuh batiniahna.

· ayana gerakan ajen sosio-kultural anu miboga ajen kasangtukang dina mangsa katukangna.

Ku ayana gerakan eta bisa ngawujud kana kontinuitas jeung diskontinuitas historis ( Nawiyato, 1995 ).

"Kalangenan" : Mangrupa Hiji Mitos

Hiji objek bisa dijadikeun hiji runtuyan kana sajarah atawa peristiwa dina galuring kahirupan anu geus mangsa kaliwat. Dina mangsa nu rek nyorang biasana moal leupas tina kila-kila, totonden jeung tangara. Salah sahiji ciciren manusa biasana sok ninggali atawa ngama'naan dina mangsa anu geus kaliwat diteruskeun baris nempatkeun diri dina mangsa bakal rek disorang. Mangsa kiwari jeung mangsa arek disorang mangrupa hiji galuring dina kahirupan anu disebut network of event ( Daeng, 1991 ).

Kalangenan dina makna arti leksikal ( KUBS, 1980 ) nya eta kesenangan (hobi) yang membuat hati jadi senang atau bahagia. Jalma menak dina mangsa baheula miboga kabiasaan sok ngalakukeun bubujeng, munday, mentangkeun jamparing jeung nayuban.

Kalangenan bubujeng raja jeung para menak dina paninggaran biasana sok nggagunakeun tombak jeung panah. Nyoko kana historis diakronis ngeunaan kalangenan sasatoan anu langka, dikasangtukangan ku ayana kabiasaan bubujeng di para elit tradisional khususna raja jeung para menak. Anapon sasatoan anu dipiara pikeun kalangenan nyaeta : kuda, manuk prukutut, gajah, kijang, maung, beruang, kerbau jeung nu lianna. Sartono kartodirdjo dina Nawiyato (1995) kaasup sasatoan anu dipiara dina kalangenan nya eta : memerang, senuk, ardawalika, gajah kidang jeung garuda.

Ku ayana budaya kalangenan sasatoan bisa diklasifikasikeun ku cara fisik jeung karakteristik tina sato-sato nu lianna, utamana kuda jeung manuk anu sok disebut caturangga. Ngeunaan caturangga hartina katuranggaan, asal tina turanggga artina kuda. Kuda nu aya uir-uir (kukulinciran ) miboga magis atawa mistis anu bakal ngadatangkeun kaberkahan jeung kauntungan pikeun anu miarana. Istilah caturangga dispesipikasikeun ngeunaan sifat hade gorengna kana kuda anu baris dipiara. Numutkeun Sastjadibrata ( 1957:429 ) caturangga miboga harti sistem pangaweruh ngeunaan ciri-ciri lahiriah anu bisa ngagambarkeun hade gorengna watek sato anu baris dipiara.patalina jeung kontéks sosiokultural mitis-magis boga anggapan yén miara gajah (satwa kalangenan) mangrupa salahsahiji kasaktén anu gedé pisan pangaruhna kana kalungguhan jeung komara éta raja. Nurutkeun B. Anderson dina seuhseuhanana tradisi pikiran politik Jawa (Sunda) kacida muhit jeung mentingkeunana kana kamampuh museurkeun kasaktén. Tah lebah miara satwa di lingkungan karaton/karajaan, dianggap bisa népakeun karakter nu sarua ka raja. Miara gajah (salaku mitos) dipercaya bisa ngalambangkeun kaagungan, kakuatan sarta kasaktén éta raja/sultan.

Hubungan mitis jeung magis ngeunaan kalangenan, raja anu miboga piaraan sato anu loba tangtu pangaruh kakawasaan raja bakal nangtukeun dina hadena mingpinna. Jadi anggapan para raja ngeunaan budaya kalangenan miboga kakuatan sakti.

Ku ayana mitos manusa miboaga kapercayaan yen budaya kalangenan bisa mangarahuan kana alam kahirupan manusa. Hal eta dina mere sato kalangenan dina konsep budaya jawa sok dibere ngaran kyai atawa nyai. Ngeunaan ngaran eta wirehna sato kalangenan disaruakeun jeung pusaka karajaan anu miboga daya kasakten pikeun raja.

Budaya Kalangenan Dina Mangsa Kiwari

Budaya miara sato kalangenan miboga sajarah kasangtukang jeung ajen anu bisa hirup tur mekar dumasar kana kamekaran jaman. Dina mangsa kiwari kalangenan mekar ka para birokrat, pejabat jeung kalangan anu miboga duit loba. Anapon sato anu dipiara tur dipapayungan ku hukum Undang-undang nyaeta sato kana spesies manuk jeung dua monyet (pongo pygmaeus).

Kamekaran dina miara kalangenan sok disalah gunakeun ku jalma-jalma anu teu miboga tanggung jawab. Ku jalma samodel kitu maranehna mah mung neangan kauntungan anu sagede-gedana pikeun neangan material. Fenomena anu nyampak dina mangsa kiwari, manusa geus balik kana jaman baheula anu diwujudkeun kana aspek nilai jeung budaya. Ku ayana aspek ajen jeung budaya baheula wirehna jalma berkompetensi pikeun miboga lambang-lambang atawa simbol simbol modernitas budaya pikeun ngaronjatkeun prestise startifikasi sosialna. Ku ayana modernitas budaya miboga implikasi sosial anu leuwih jero.

Simbol jeung modernitas dina awalna mah ku ayana barang jeung jasa anu diproduksi industri modern nyaeta ; barang-barang elektrik, mobil alus, komputer jeung imah-imah anu hade. Nalika jalma geus miboga barang-barang samodel kitu, manehna mikir kudu miboga lambang-lambang anu leuwih ekslusif, biasana lambang-lambang tradisonal sabage tanda Offluance. Numutkeun Kuntowijoyo (1987 ) disebut gejala retradisionalisasi. Ku kituna budaya dina miara sato kalangenan mangrupa salah sahiji wujud kongkret gejala retradisionalisasi.

Kamekaran dina budaya kalangenan dina mangsa baheula miboga sifat anu mitis jeung magis ari dina mangsa kiwari mah budaya kalenganan teh sifatna pikeun sosiologis. ku ayana robahna makna eta ditilik tina perspektif kontinuitas sajarah anu mangrupa robahna fungsi budaya miara sato kalangenan tina sifat mitis-magis kana sifat magis sosial.

Pikeun nangtukeun dina kamekaran peradaban manusa kudu nyoko kana lambang budaya modernitas. Ku ayana lambang modernitas jeung miara sato kalangenan mangrupa hiji lengkah dina prestise pikeun ngamumule tur miara kana sato jeung lingkunganna.

Tidak ada komentar: