Selasa, 11 September 2007

BIANTARA BASA SUNDA

PERLUNA GAWÉ BARENG PAMARÉNTAH JEUNG MASYARAKAT DINA NGAWUJUDKEUN WAJAR 9 TAUN

اِنَّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِىاللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِىَلَهُ، أَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَنَبِىَّ بَعْدَهُ، اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالَهُ.




Saba’da manjatkeun puji syukur ka hadirot Alloh Swt sareng solawat miwah salam pikeun Kangjeng Nabi Muhammad Saw ka-tut ka kulawarga, para sohabat sareng sakumna umat anu satia ka Anjeuna; mangga urang sami-sami ngantebkeun katakwaan ka Alloh Swt sabage sarat mutlak pikeun ngahontal kamulyaan sareng kabagjaan di sisi Mantena.

Alhamdulilah dina ayeuna urang tiasa gingsir linggih, nawiskeun diri ka asih pada rawuh lunturna kolbu dina raraga milarian karidoan Alloh SWT.

Dewan pangajen anu ku simkuring dipikahormat sareng para hadirin anu sami-sami rawuh dina kasempetan ieu simkuring baris ngadugikeun eusi pidato ngeunaan “Perluna gawé bareng pamaréntah jeung Masayarakat dina ngawujudkeun wajar 9 taun”.

Kapungkur mah ti nagri jiran téh loba mibanda élmu ka Indonesia, tapi kiwari mah tibalik, urang Indonesia nimbu élmu ka nagri jiran, lain kitu wungkul tapi Indonesia téh kakoncara, ku negri TKW. Hal ieu téh cukang lantaranana nya éta salah sahijina kualitas atikan di Indonesia téh kawilang handap, anu kaseuseuranana lulusan SD.

Kulantaran kitu, luyu pisan cita-cita pamaréntah Jawa Barat anu ngalangkungan program akselerasi pangwangunan Jawa Barat dina widang atikan nya éta wajar 9 taun kedah rengsé taun 2010. Program ieu téh moal sukses lamun teu aya rojongan tur gawé bareng antawis pamaréntah jeung masyarakat.

Pamaréntah kudu soson-soson tur daria dina ngagarap program wajar 9 taun, anu dirojong ku dana 20% tina anggaran APBN jeung APBD. Ku kituna perlu pisan ayana rojongan ti pihak pamaréntah jeung masyarakat dina ngaronjatkeun wajar 9 taun sangkan kualitas atikan di Indonesia tiasa ngangkat harkat jeung darajat bangsa.

Malah dina ajaran agama, Alloh tos ngawajibkeun nyiar élmu pangaweruh diantawisna dina Qs. Al- Mujadilah ayat 11 anu unina nya éta:




“ Allah SWT pasti bakal ngangkat darajat jalma anu ariman jeung anu ngabogaan élmu sababaraha darajat” ( Al Mujadilah : 11)

Dina hadist ogé nétélakeun yén nyiar élmu téh teu cukup nepi ka tamat SD tapi Nyiar élmu téh ti mimiti gubrag nepi ka tilar dunya. Kangjeng Rosululloh Saw ngadawuh:

“ Teangan élmu ti lahir nepi ka maotna”

Tina éta ayat Al Qur'an sareng hadist nétélakeun pentingna dina nyuprih élmu sangkan jalma bisa ngahontal dina ngajurung laku patékadan. Ku kituna éta program pamaréntah téh sakali deui bisa diwujudkeun lamun ayana gawé bareng pamaréntah jeung masyarakat.

Kumargi kitu hayu urang babarengan nyiar élmu tina luang, dina daluang jeung ti papada urang pikeun ngarojong lumangsungna program pamaréntah.

Sateuacan nutup biantara ieu simkuring badé ngadugikeun sisindiran anu unggeulna kieu:

Meuli hurang di Sukamaju

Endog wajar ti Alun-alun

Lamun urang hayang maju

Dukung wajar 9 taun

Sakitu nu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahe carek neda agung cukup lumur neda jembar singhaksami.

Billahi taufiq wal hidayah,

Wassalamu ‘alaikum Wr.Wb.

Tidak ada komentar: